NGARAN-NGARAN KADAHARAN HAS SUNDA 1. COMRO COMRO Bahan utamana nyaeta sampeu jeung oncom Cara ngolahna: sampeu meunang marud jeung ngabungbuan diemple-emple, tuluy diasupan oncom, dijieum buled atawa lonjong, tuluy digoreng make minyak. 2. MISRO MISRO Bahan utamana nyaeta sampeu jeung gula beureum Cara ngolahna: sampeu meunang marud jeung ngabungbuan diemple-emple, tuluy diasupan gula beureum, dijieun buled atawa lonjong, tuluy digoreng make minyak. 3. AWUG AWUG Bahan utamana nyaeta tipung beas, kalapa nu diparut jeung gula beureum. Cara ngolahna: tipung beas diolah satengah asak, terus diseupan 15 menit. Dadarkeun dina wadah ameh tiis. Campurkeun cai, asupkeun kalapa parud satengahna tuluy diaduk. Siapkeun aseupan, asupkeun adonan t...