MIANG KA BANDUNG


MIANG KA BANDUNG
Karangan Taufik Faturrohman

               Kira-kira tabuh dalapan, mobil geus cunduk ka Pasar Ciroyom. Harita kénéh muatanana dibongkar ku tukang kuli.
               “Tah, di dieu, Kondi, tempat silaing téh,” ceuk Mang Mahmud bari mukakeun panto salahsahiji wawangunan témbok. Anu disebut kios téh kira-kira ukuran salapan meter persegi.
               “Tempat saré silaing mah, itu tuh, di luhur!”
               Kuring unggah kana tempat anu dituduhkeun ku Mang Mahmud. Minangka na mah loténgna, ngan depek pisan. Lumayan waé ari keur sakalian ngagolér mah.
               Matak héran nyaksian kaayaan di éta pasar téh. Sakitu geus peuting, tapi kalah beuki ramé ku anu balanja. Béda deui jeung pasar di lembur kuring, anu bukana ukur poé Sénén jeung Jumaah wungkul. Kitu ogé ngan ukur sageretekan, tampolana mah méméh tabuh sapuluh ogé geus tiiseun deui.
               Meunang dua poé Mang Mahmud tunggu kiosna, bari mapatahan kuring kumaha prak-prakan ngalaksanakeun pancén. Teu sabaraha hésé, ukur purah nyatet-nyatetkeun saha waé anu nyokot barang ka Mang Mahmud, jeung sakumaha deuih lobana. Anu nyarokot barang téh parapadagang écéran. Lebah urusan setorna, kuring teu dibéré wewenang narima. Eta mah kudu langsung ka Mang Mahmud anu ayana di kios saminggu sakali. Keur kuring mah énténg kénéh kitu, sabab lamun kudu nyekel duit setoran sieun kitu-kieu. Kangaranan nyekel duit téa, loba pisan résikona.
               Barang mimiti mah ngarumas pisan saré di jongko téh. Eta tuda gandéng. Tapi lila-lila mah bisa ogé peureum. Jongko anu ditungguan ku kuring mah bukana ngan beurang wungkul. Jadi, peutingna mah nyalsé. Biasana Mang Mahmud téh datangna sok Jumaah peuting, Bari sakalian ngawal barang. Isukna ogé, sanggeus bérés nagihan mah, sok mulang deui ka lembur.
               Meureun aya nu tumanya, di mana ari kuring dahar? Wah, di pasar téh loba pisan sabangsaning tukang dahareun, malah daragangna ogé loba anu parat ti ba’da maghrib nepi ka ngagayuh ka subuh. Anu matak, teu susah ku dahareun mah, asal…aya keur meulina!
               Aya deui anu ngalantarankeun kuring lila ngarumas téh, nya éta dina urusan ka cai. Wayahna kudu daék ngincig ka Beulah kidul. Di dinya téh aya masjid lengkep jeung pamandian umumna. Ari kasorénakeun mah anu rék ka carai téh mani ngantay. Wayahna waé kudu lila nungguan.
               Can gé saminggu, kuring geus mimiti loba kawawuhan. Enya, anu pangheulana wawuh téh parapatunggon jongko, anu pagawéan sapopoéna teu béda jeung kuring si Ahid jeung si Sulé anu matuhna di kénca-katuhueun tempat kuring. Si Ahid mah nungguan jongko sabangsaning beubeutihan, ari si Sulé jongko cau. Maranéhna geus lila matuhna di Ciroyom téh ceunah. Pangna gancang loma ka nu duaan téh, lantaran umurna papantaran kuring, da ari nu tarunggu di jongko séjén mah umurna saluhureun. Jeung maranéhna mah, kuring bisa silihpihapékeun anu keur ditungguan, lamun kabeneran kudu nyelang heula ka cai. Hal-hal naon baé anu aya di pasar, kuring beunang béja ti maranéhna, da geuning jelema nu unggal usik pagaliwota téh rupa-rupa, ti mimiti padagang nepi ka tukang copet.
               Lamun geus peuting, biasana ngobrol téh sok tiluan. Minangka anu rada genah dipaké ngariung nya di jongko kuring. Di jongko si Ahid mah, keur kalotor téh nyegak ku bau jahé jeung cikur deuih. Ari di jongko kuring kaitung bararesih, lantaran eusina ogé ukur tumpukan karung béas.

HARTI KECAP
Cunduk         = datang, tepi
Tampolana    = sakapeung, témpo-témpo
Ngarumas     = ngarasa teu biasa
Ngincig         = indit, leumpang gancang sorangan
Patunggon    = anu nungguan, anu ngajaga
Nyegak         = nimbulkeun ambeu segak (teu ngenah kana irung)

(dicutat tina Patepung di Bandung, Geger Sunten, 2005 64-66)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

POTENSI KEKAYAAN DI INDONESIA

NYUSUN PARAGRAF